Sabtu, 12 Juli 2014

Ngamumule Basa Sunda

Ngamumule tina kecap asal mumule nu boga harti miara (kamusbahasasunda.com). Basa Sunda mun dina bahasa nasional mah disebut bahasa Sunda, lantaran kuring nulis dina blog sunda wayahna we ku basa Sunda.

Usaha urang tina ngamumule basa Sunda teh diantarana ngajak kulawarga urang sangkan ngomong ku basa Sunda dina sapopoena, boh di imah boh di luar imah. Urang ulah ngarasa era atawa ngarasa kampungan dina nyarita ku basa urang sorangan, da eta mah lain kagorengan. Boa-boa batur teh jadi kataji kana basa urang, tuluy hayang diajar deuih, eta mah leuwih hade pisan.

Kuring sapopoe di kulawarga (indung, bapa, lanceuk-lanceuk jeung adi-adi) nyaritana geus biasa ku basa Sunda ti baheula ge, jadi teu "aneh" teuing ngadenge istilah ku basa Sunda teh, ngan kadang loba oge nu geus "hampir punah" kulantaran teu biasa dipake nyarita ku urang, jadi kadang-kadang mah bengong, tuluy nanyakeun naon hartina.

Mun kuring ngadenge jalma ti daerah lain padahal masih ti Jawa Barat ngomong basa Sunda sok aya wae bedana, kadang mah sok hayang seuri, kadang oge sok bingung, naon maksud eta jalma nyarita jiga kitu kusabab beda harti antara daerah hiji jeung nu lianna, jigana batur ge jiga kuring nya? mun ngadenge kuring nyarita teh jadi hayang seuri lantaran "aneh" boh logatna boh kecapna hehe... 

Tapi nu penting mah urang salaku urang Sunda kudu ngamumule basa indung urang, yen basa Sunda. Eta mah rek asalna ti mana bae, mun ngarasa urang Sunda mah ulah nepikeun mopohokeun kana basa Sunda, hayu ah urang biasakeun ngomong ku basa Sunda di kulawarga, di kantor, atawa dimana bae ngarah basa Sunda teh teu punah, teu saukur dina buku sejarah wungkul.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar